Sabtu, 06 November 2010

carita mang ihin nalika gawe ka luar nagari

Posted by TONY SOLIHIN 23.20, under | 1 comment

kacaritakeun dihiji lembur aya hiji pamuda nu namina mang ihin, manehna kakara balik jadi TKI di arab saudi, kabejakeun mang ihin teh mawa babawaan loba pisan keur oleh-oleh jang pamajikana dilembur, tayohna mah eta beja teh kadengeeun ku bangsat anu geus biasa ngaranjah eta lembur, panjang carita eta bangsat teh geus siap-siap erek ngajorag imah mang ihin engke peuting. 

kacaritakeun eta bangsat teh geus ngadakom dina kenteng nunguan mang ihin sare, sanggeus lila di tungguan mang ihin teh can sare wae kadon hayeuh ngobrol, terus sosonoan dapuguh geus lila tea teu panggih. 

sibangsat geus teu kuat cangkeuleun nungguan bari ngadedengekeun ti luhur kenteng, tuluy mang ihin teh ngomong ka pamajikan na : euh nyi meni liket asa ketan kieu. ceuk mang ihin teh nyarita...

pamajikan na seuri bari ngarangkul... ngadenge kitu sibangsat anu geus lila nungguan beuki keuheul wae atuh, jrut manehna turun tina suhunan bari pok ngomong "oncoman we sakalian atuh mang....bari dirigdig lumpat si bangsat teh. teu kungsi lila eta bangsat teh balik deui bari " jedak...najong bilik manehna ngomong deui dasar ulen siah... dirigdig deui we eta sibangsat teh lumpat

1 komentar:

Posting Komentar