Ceuk beja Ceu edah sok salingkuh jeung kang ihin, tatangga sakaligus mantan kabogohna, lamun salakina keur gawe di Jakarta. Padahal salakina Ceu edah sakitu galakna, tukang mabok tukang nyabok, pokona sagala dikobok.
Hiji waktu Mang tony, salakina Ceu edah, rek indit deui ka Jakarta tapi hatena serba teu ngeunah, sieun pamajikan nana salingkuh. Untung otakna encer, menang akal jang nangkal supaya pamajikanna teu salingkuh.
Mang tony tuluy ngagambar gajah dina pingpingna Ceu edah pake spidol. Hulu gajah persis dina pingpingna, tapi gambar tulalena nyanghareup kana bobogaan Ceu edah. Pikiran Mang tony, lamun eta gambar kahapus artina pamajikan nana geus salingkuh.
Saenggeus ngagambar Mang tony pamit rek gawe ka Jakarta, pamajikan nana ceurik pura-pura sedih, nutupan kabungah, na jeuro hate geus hayang geura salingkuh. Meuren geus sajam, salakina indit, kang qia geus dikamar Ceu edah.
Tapi teulila kadenge salakina balik deui, ngetok panto bari jojorowokan. Kang ihin rewas, tuluy kabur liwat dapur paranti jalan kabur. Tinggal ceu edah bingung, rurusuhan ngagambar tulale gajah nu grus kahapus basa tadi salingkuh, tapi gambar tulalena jadi rubah, lain nyangharap kana anu na malah ngulampreh kahandap.
Saeunggeus panto di buka, buru-buru Mang tony mariksa pingpingna Ceu edah, panasaran. Atuh sakitu jamotrotna bari nyentak Ceu edah :
Mang tony : "Uti geuning gambar tulalena jadi kahandap, lain kaluhur ?"
Ceu edah geumeuteuran, tapi untung boga akal jang ngajawab.
Ceu edah : "Akang, meureun BAUEUN, jadi weh tulalena ngulampreh kahandap !"
mang tony : ungut-ungutan bari hera....

0 komentar:
Posting Komentar